SABULANGBENTOR: Sorena Rapat Koordinasi, Isukna Barudak Men...?

SABULANGBENTOR: Sorena Rapat Koordinasi, Isukna Barudak Men...?

KABAR KUNINGAN - Ayana program makanan haratis keur barudak sakola teu weleh meunang pangbagea ti sakumna para siswa, pon kitu wali murid. Kumaha teu kitu, atuh kolot ngarasa kasumbang ku ayana eta program lir murid mah teu sirikna sakola teh diupahan dibere dahar anu kawilang bergizi. Komo bari jeung teu kudu meuli alias haratis saha jalma anu teu ngarasa untung.

“Ngan anehna papada barudak meunang kabungah aya nu mere dahar, baruk teh pihak pamarentah daerah katut rengrenana (cenah) tidak dilibatkan. Numatak pangagung nu aya di lembur urang rada bendu antukna ngayakeun rapat koordinasi anu dipiluan ku sakumna pingpinan kecamatan, unsur Forkopimda katut pihak terkait lainna,” cek Mang Suadma.

“Leres kitu eta Mang, kepala daerah henteu seueur dilibatkan dina eta program makanan gratis kanggo barudak sakola teh?” Si Otong malik nanya. “Eta...... andika anu kamari milu rapat, kumaha cenah? Kaula mah ukur ngadenge beja tina media,” tembal Mang Suadma.

“Leres kamari teh aya rapat koordinasi sareng para pingpinan kacamatan katut para pihak terkait sanesna pikeun nartibkeun eta pelaksanaan prohram sangkan lungsur-langsar tur tepat sasaran kalawan berdampak kana kasehatan barudak,” tembal Si Otong. “Terus kumaha sabada rapat koordinas tepi menjelang magrib teh naon bae hasilna?” tanya Mang Suadma. “Duka atuh Mang upami dicarioskeun mata isin, malah asa disibeungeutan kokotor dumeh sorena rapat koordinas, isukna aya kajadian,” walon Si Otong.

“Kajadian naon kitu? Asa palalaur Ka mah, sugan teh eta kajadian karacunan ayana di daerah batur bae, dalah di lembur oge aya kitu?“ tanya Mang Suadma, ka Si Otong. “Kitu manawi, abdi nu aya di lembur asa kaget pisan, dumeh ciduh ge tacan tuus sorena keur ngaruruskeun makanan keur siswa tea, teu sakara-kara isukna di hiji kacamatan kalah gempar,” jawab Si Otong.

“Gempar kumahana, Mamang asa heran, boa-boa enya ata beja teh teu salah. Buktina beja dina media pasuliwer, atuh beuki tambah ngayakinkeun di lembur urang oge aya nu karacunan ngadahar makanan anu disuguhkeun keur barudak teh,” jawab Mang Suadma. “Saurna penyebebna tina naon tiasana kajantenan kitu teh?” tanya Si Otong, pura-pura teu apal.

“Andika anu milu rapat, piraku nanya ka dewek, meureunan mana kitu dahareun anu disuguhkeun henteu higenis. Teuing lah Mamang mah teu apal persis dalah nyaho ge hanteu ukur cenah jeung beja eta, rek nerangkan panjang lebar bisi salah.

Heueuh nya Tong lamun enya eta jadian bener 100 persen, kahade atuh ulah lalawora sabab nyangkut jiwa manusa. Mamang mah ukur ngadenge beja teh, sorena rapat koordinasi, isukna barudak men.....!” jawab Mang Suadma. “Piraku lalaki men...?” tanya Si Otong singget. “Ari andika kudu disundakeun bae, lain men... tapi cret....!” omong Mang Suadma, mungkas carita. (Kang Emsul/KC)***

Posting Komentar untuk "SABULANGBENTOR: Sorena Rapat Koordinasi, Isukna Barudak Men...?"